Monyét
DATANG téh ti Pulo Peucang, Kang Sudi lain baé ngiringkeun uncal jeung kuda. Tapi, bari ngéngélék monyét. Sadua-dua. Kitu deui Kang Mukti, angkaribung ku monyét satilu-tilu.
Begogna anjeucleu dina taktak, si bikang nangkeup pageuh kana tonggong, dituturkeun ku nu jalu, nu bangun apet, ngadedod di tukang bari muntang kana tungtung baju si Akang. Cacakan kakara budak umur tujuh taun, Kang Mukti teu ieuh kaciri mopo geus lumampah sakitu jauhna. Malah katingalna téh jigrah pisan.
Orokaya, aya kana sabulanna, batur mah pahibut ngerepan pager jeung gedogan, Kang Mukti anteng nyonyoo monyét. Dinangna-néngné, alahbatan ka adi sorangan. Dahar gé mani sok dihuapan. Nepi ka si Ambu bendu, da Kang Mukti hayoh baé ulin jeung monyét. Poho dahar, poho ngaji. “Sudi, bawa ka dituh éta monyét téh, ka Senayan. Manan ngahalangan laku si Mukti,” saur Ambu. Sanajan Kang Mukti ceurik lolongséran, teu ieuh didéngé, monyét dikencarkeun di Senayan. Dihijikeun jeung mandahong nu abreg-abregan.* Maman Gantra - kisuta.com


