Surti
Méh tengah peuting karék nepi ka imah. Barang muka panto gé indung Si Cikal langsung cengkat. Ngeukeuweuk kénéh rémote, tayohna ngadadagoan bari nongton tipi. “Wengi geuning?” Mapag bari neuteup. Pinuh ku kamelang.
“Mampir heula,” cekéng téh. Surti ku sakitu gé. Tara papanjangan. Bus wé ka kamar. Salin ku piyama nu geus disayagikeun na kasur.
“Tuang heula atuh Pa. Aya pais lauk mung tos tariis,” cenah, teu weléh méré imut. “Moal ah, wareg kénéh. Nembé pisan di ditu,” cekéng. Geus surti, tara ieuh papanjangan.
Golédag wé. Sepré karék meunang ngaganti. Kamar raresik rarapih, mani sarareungit. Manéhna langsung ngagolér gigireun. Ngusapan tonggong, sakapeung semu dirancétkeun. Keup nangkeup. Pageuh, kawas sasari. Haroshos. “Paaa...”
“Moal ah, atos. Nembé pisan di ditu,” cekéng téh. Surti naker. Jelegér. Manjang maratkeun peuting.*
Abu Ainun - kisuta.com


