Donasi Masjid
SOK hareugeueun ari kapapancénan tugas kieu téh. Jadi panatacalagara. Seug acarana daria. Ngumpulkeun sumbangan ti donator keur pangwangunan masjid, di komplék perumahan.
Nu kitu téana mah Pa Koko, Ketua DKM. Masjid saalus-alus. Der hayang dipugar. Cék itungan, waragad nu diperlukeunana, aya kana tilu ratus yutana. Sedengkeun kas ngan aya sapertiluna. Ku alpukahna Pa Érwé, ahirna mah bisa ngumpulkeun warga komplék. Ngahaja dipilihan. Da niatna gé ménta sumbangan. Rempeg. Pa Lurah, Pa Camat, Pa Dandim, Pa Kapolrés nepi ka Pa Wali ngahadiran. Sabada Panitia pangwangunan masjid méré biantara. Disambung ku Pa Wali. Tinggal acara inti. “Bapa-bapa! Ibu-ibu! Hormateun sim kuring. Ka nu badé sidkoh atanapi infak kanggé pangwangunan ieu masjid, sumangga dihaturan tatih…!” Sakedapan taya réaksi nanaon. Pameunteu Pa Koko pias. Ngan Pa Wali kadua Pa Camat nu tatih. Kuring ngodeuan Kang Romli, pamaén kibod. Jréng! Lagu Indonesia Raya. Hiji, dua narangtung. Breng wé kabéh hadirin narangtung ahirna mah. Alhamdulillah!* Deni Riaddy - kisuta.com


