Kahayang Keukeuh
GEUS saminggu Si Kénéng anak kuring haré'éng panas. Kapaksa nyokot cuti jang ngurusanan. Geus dua kali ka dokter, can aya parobahan.
Malah beuki nguyung budak téh. Sugan ké soré mah rék dibawa ka Dokter spesialis anak, méakeun kapanasaran. Tés urin, cék darah, sagala dipariksa. Duh...haté mah meni tagiwur, sok sieun aya panyakit nu anéh. Rérés dipariksa, kuring dipanggil ka ruang Dokter. Budak dilahun. Bari ngabandungan naon anu dijéntrékeun ku Dokter. "Bu...pami ningal hasil tés, murangkalih téh teu kasawat nanaon. Mung kacapéan hungkul". Dokter ngajelaskeun. "Alhamdulillah, atuh pami kitu mah," walon kuring. "Tapi, jigana ieu murangkalih téh aya kahoyong. Mung teu kedal, sok atuh taros!" "Neng geulis...sok hoyong naon atuh? Boneka, anyang-anyangan, buku cerita, atanapi bérbi?" Tanya kuring. "Mamah, Néng hoyong gaduh bapa." Sorana dareuda, bari terus ngagabrug. Kuring ngabetem. Duh geulis, abot geuning kahoyong téh. Walon kuring na haté.* Rini Mayasari - kisuta.com


