Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Cinta Nu Pamali

Minggu, 29 September 2013

DI dieu di Toronto. Ti mimiti datang ka ieu tempat, haté kuring langsung nyantél ka anjeun, Budi. Teuing kunaon. Aya rasa tengtrem unggal deukeut jeung anjeun. Aya rasa bagja, unggal pateuteup jeung anjeun. Beuki lila urang deukeut, beuki layeut, beuki geugeut!
Bud, jangji nya…ulah dugi ka ngantunkeun. Please!
Duriat beuki ngagedur, haté geus teu beunang disisilihan. Loba nu sarua diantara urang. Urang pada-pada hideung, da puguh sarua ti Afrika. Urang pada-pada gedé di ieu tempat. Jeung urang ogé pada-pada…ah!
Di handapeun batu léngkob, urang ngaheruk paduduaan. “Wayahna, Pédro! Da sarua kuring ogé tunggara,” Sora anjeun halon.
“Buuud…!” Sora teu kebat, leungeun ranggah. Panon ceuleuyeu neuteup anjeun nu teu walakaya, diakut ku petugas. Geusan dipanggihkeun jeung pinguin bikang di kebon binatang Ohio.* Aam Amarullah - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya