Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Handapeun Kalangkang Munara

Senin, 30 September 2013

LAIN tajug anu baheula atuh da! Matak teu kawawa ku ajrihna! Salin jinis sakitu harurung-harérangna, téhel keramik ngagenclang teu wasa pikeun nincakna. Sakieu suku bobolokot ku kokotor, inggis matak jadi geugeuleuh pikeun tempat anu sakitu agungna. Jeung biheung, apanan kuring mah cenah matak jarijipen jeung pikalingsemeun katingalina.
Bati kabita ningali anu larsup geusan sumujud, tumamprak medar pangdu’a dina wirahma kasadrahan. Kuring mah teu kuat ku éra, dalah papakéan teu ilahar pikeun madep ka Mantenna. Ngadu’a cukup ku jumeritna batin, anu kedalna dina sakeclak cimata karumasa.
Panon teu leupas nyérangkeun tina sela-sela pager anu nguribeng. Bari nyarandé kana tangkal kérsen, rénghap beuki ngerepan, wuwuh rasa lapar nyaksrak nyasaak awak anu ngan tinggal tulang naronggélak.
Kalangkang munara anu éndah liuh mayungan, tempat panonpoé susumputan. Angin lirih ngahiliwir mawa rasa tingtrim, ditema ku sora adzan ngalanglaeu hawar-hawar, kawas ngahiap geusan sumaba ka tempat anu diajam, sanajan ukur kurungan anu dibuntel ku boéh rarang.* Zulaikha Sobana - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya