Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Ngajorag Langit

Selasa, 1 Oktober 2013

PATANI ngaharuleng, ngarambét bedo. Sawah ilang, kari situ. Usum tandur, leutak sawah nela. Kuduna pabaru, kalah katiga. Meujeuhna halodo, nyeyer sapopoé. Uusuman teu pararuguh. Manuk, béntang, angin, nu biasa méré totondén, teu bisa diandelkeun. Kahalangan haseup pabrik, buricak imah eunteungan, sinyal, listrik, jeung radiasi.
Teu kaampeuh, Abah Kuncén ngabelesat ka Jonggring Salaka. “Deuleu ku daria, uusuman teu ngaradik, totondén nyalawading, naraon gawé ari dararia?” Langit ngabigeu teu bisa ngajawab, nu norowéco. Seubeuh mudalkeun kaheneg, nyirorot ka bumi. Sajajalan pasangrok jeung nu didarasi, garinding, nu sok aya dina baliho, dina buku palinter. Paciweuh jeung teleponna.
Jleg di Sumur Tujuh. Leuweung, huma, sawah, manuk, pungpuhunan, ngabagéakeun ku balilihan “ka ditu ka kasucian, ka kaambuan, kana kawung nu ngalumbuk, kana jambé nu ngajajar, dipapag ku anjing Ki Doraka Tujuh, dibawa ka Hulu Ciujung, diasupkeun kana ngagaleumeung hideung, nyatana di sasapuan”. Abah ngeluk “paéh téa meureun urang kabéhan” ngagerenyem, melong Sumur Tujuh. Gararing...* Rohendi Pandeglang - kisuta.com

Kamusmini:
Daria = maranéh
Dararia = mararanéh
Ngaradik = bener
Nyalawading = pasalia
ka ditu ka kasucian, ka kaambuan, kana kawung nu ngalumbuk, kana jambé nu ngajajar, dipapag ku anjing Ki Doraka Tujuh, dibawa ka Hulu Ciujung, diasupkeun kana ngagaleumeung hideung, nyatana di sasapuan = talkin mayit di Kanékés Baduy.


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya