Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Tegalan

Rabu, 2 Oktober 2013

DI ieu tegalan, papatong rabeng. Tinggeleber dina pucuk-pucuk eurih nu parérang. Poè geus maju ka soré. Angin ririh. Di jauhna tegalan mirupa kukusan roti nu karék bareukah.
Basa rék pacantél, manéhna karék sadar mun salakina geus teu boga cinggir. Réma nu rarompal diusap halon jeung deudeuh. Reup peureum nginget-nginget ramo salaki nu lengkep, keker, jeung rosa ku tanaga. Nu unggal poé ngabintih pipi jeung biwir, ngajenggut buuk, maléngpéng atawa ngabanting. Nyah beunta. Salakina angger di korsi roda. Ramo rompal, suku nyéngsol, iga potong, sabada disamber ku karéta.
Najan kitu, di tegalan pasosoré, manéhna bisa kénéh imut. Inget ka ramo nu lengkep, nu kungsi kebek mideudeuh manéhna nu sarua teu sampurna. "Sakedap deui, ulah wara uih..." salakina ngaharéwos. Cimatana umyang kasorot layung.* Darpan A Winangun - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya