Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Basa Salasa

Rabu, 2 Oktober 2013

SALASA datang deui. Poé nu salawasna ngarénjagan lolongkrang sawangan. Ngélékéték haté, ngageuing ingetan ka mangsa duawelas taun ka tukang. Salasa salawasna datang ngagedurkeun ratug. Mangsa diajar dirapalan deui.
“Ba’da Isya waé. Waktos ijab kabul kedah jempling. Listrik pareuman. Cekap caang ku cahaya lilin.” Kitu paménta ka mitoha, harita. “Hoyong karaos romantisna. Ogé aya kesan magis. Ieu momén istiméwa kanggo urang duaan,” cekéng téh ka indung Si Bungsu, harita.
Reup pareum. Tamu nu pinuh nepi ka buruan ngadadak répéh kawas gaang katincak. Jempling. Walimahan karasa ngageterkeun rasa. Basa kedal ijab kabul, aya sora nu marengan. Hawar-hawar ti anggangna tembang Si Cikal...Tongtolang nangka...Kawinan Bapa...Poé Salasa...Teu béja-béja...*

Abu Ainun - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya