Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Tutungkusan

Kamis, 3 Oktober 2013

KALAKAY unggeuk, unggal katincak unggal ngadengék. Kosrak. Sawaréh ngorosak siga geus giras, Nyeri kitu? Rurat-rérét. Euweuh, euweuh sasaha! Kancing baju dilaanan hiji-hiji. Ngaliglag. Satengah dangah, panon peureum-beunta, ngararasakeun leungeun nu katuhu nu masih ngusiwel lebah dada. Gerewek. Dikeupeul, dibedol lalaunan. Rada leler ayeunamah ketegna téh. Bréh cipanon indungna. Bréh késang bapana, nyarakclakan tina tungtung urat-urat nu paregat. Ngalangkang imah panggung, ari gerendengna kumasih nongtoréng, "katuna urang kakuatan urang, jembarkeun haté," cenah. Panon digisik ku leungeun kénca, gura-giru haté dibebeskeun deui kana urutna. Poto hitam-putih diselapkeun kana Ya-Sin. Basa karasa taktak aya nu ngusapan. Dirérét si bungsu nu isuk ujian. " A! Hayu, meni lami diantosan téh, tos sonten bilih kabujeng hujan," sorana halon, bari ramona ngaragamang miceun kalakay, nu kaliwat sabudeureun makam.* Arom Hidayat - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya