Nu Lenglang Na Hate Urang
WANCI kamari mah ema, rumasa kuring nincak cucuk rungga. Rongkahna nafsu, kapegungna kahayang, kuring sering bengbatan. T eu bisa narimakeun hakekat, yen hirup teh sakumaha pait jeung peuheurna ge, meureun keur dibageanan.
Derr incah balilahan. Hayang ngajul bentang ku gantar. Bet moal beunang kalangkang-kalangkangna acan. Mungguh rejeki ari can dibageanan, diudag ge kalah lumpat, didagoan ngajeten.
“Wayahna, nitip budak. Kuring rek mangkat ka luar negeri!”
Ema ukur carinakdak. Bapa gugupay na lawang panto. Hate kuring teuas. Ukur neuteup tuluy ngalieus.
“Ari daek peurih mah bet teu kudu indit ka luar. Di dieu ge sawah meh buntar, ingon-ingon teu kaangon. Mun rajin mun jujur, eta kabeh bisa jadi tanggeuhan hirup. Rek ngudag duit sagede nahaon jauh-jauh. Da geuniiingggg...” omongan bapa teu kebat. Kaburu dipaehan hendphone teh.
Segruk ceurik. Peuriihhh. Bapa hampura. Hayang balik Pa. Hayang nebus sawatara taun nu kajoledarkeun. Sono ka anak sono ka kolot.
Di dieu kuring nyamuni. Nugaran peurih nu angger rosa. Ngan hiji nu karasa aya parobahan. Hate kuring lenglang tina rongkahna kahayang ngungudag dunya. Kiwari nu rosa dina dada ukur hayang balik, nataan deui lengkah nu kungsi ngarandeg kapegat cucuk rungga. Dungakeun kuring Pa!* Ratna Ning - kisuta.com


