Cukup Dua Ge...
ĖRA. Asa teu beungeutan. Awéwé sok ngadarilak jiga nu ijid. Kitu deui lalaki, euweuh nu daék deukeut kawas nu sieun katépaan. Sarieuneun kabawakeun meureun.
Mun uing sok rajeun nyaritakeun lalakon Apa atawa Aki Jenat, lain rék nerekabkeun taleus atul. Atawa aya maksud umajak kikituan. Euweuh! Saukur babagi pangalaman, sugan jeung sugan jadi pieunteungeun. Jeungna gé lain nyaritakeun batur. Pituin ieu mah kolot sorangan.
Saéstuna, teu hararayang barina gé nurutan Apa nyandung satilu-tilu. Komo deui jiga Aki Jenat nepika aya opatna. Henteu! Cadu euweuh niat kikituan. Ėstu uing mah sakieu gé bungah pisan. Muji sukur ka Nu Agung boga dua gé. Indung Si Cikal nu sakitu sabarna. Satuhu ka salaki. Kitu deui indung Si Bungsu parigel. Bisa ngompa sumanget hirup. Alhamdulillah, sakieu gé.*
Abu Ainun - kisuta.com


