Bulan Parahu
TEPUNG deui jeung peuting. Tepung deui jeung jempling. Na jandéla. Ngalangeu. Maturan bulan ngasuh réwuan béntang. Bulan nu éta kénéh. Bulan parahu. Nu kungsi nganteur awuntahna rasa. Harita. Meuntasan karémpan. Dina umpalan ketug jajantung. Jeung anjeun. Paduduan. Angkleung-angkleungan. Ngawelah jempling. Tengahing sagara kasuka. Anteng lalayaran. Tangka teu sadar. Lalaunan bulan ngiles. Béntang-béntang pating salingker ka tukangeun méga. Kalah beuki pogot. Urang silih taker tanaga. Ngawelah kahayang séwang-séwang. "Akaaangg...!" "Neulissss...!" Méh bareng. Urang anjog. Ka puseur kabagjan. Kulutrak. "Ulah ngangin waé atuh, Lis. Teu hadé keur kandungan. Sing nyaah ka si utun!" Ema. Nutupkeun jandéla. Sarérétan. Bulan parahu ngangkleung kénéh. Berebey. Cipanon hideng merebey. Inget ka anjeun. Nu indit tan amitan. Harita. Sabot anteng negerkeun geter angen. Tutas réngsé ngumbar hégak.*
Inda Nugraha Hidayat - kisuta.com


