Ngasag Turiang
RASMAN leumpang rumanggieung manggul gebotan jeung karung kosong mapay galengan sawah nu geus lélang diderepkeun. Beuteungna kukurubukan can kararaban. Nunggu nu haat méré zakat, seuseut seuat. Gog cingogo hareupeun gundukan jarami, ngaboloon. Kurah-koréh ngeprikan sésa congo ranggeuyan paré, lumayan sasiki-sikieun najan pagalo jeung leutak gé. Pindah ka gundukan séjénna ukur manggih runtuyan kapeurih.
Rasman nangtung. Kunial aral. Gundukan jarami ditalapung, sérah mawur mancawura. Nyut disundut, jarami kahuru rongkah. Langit kapuput laju murubutkeun hujan. Ret raat. Teu sawatara lila tunggul paré sarirungan jadi turiang, ngajanggélék jadi ranggeuyan paré nu bareureum sapada harita.
Rasman mésem, “Dasar milik aing!” Gerentesna. Basa turiang rék diasagan, dadaksakala ranggeuyanna robah jadi réma nu laléncop. Ngusapan leungeun Rasman nu bobolokot. Bungah taya papadana. Antukna kagémbang. Rasman salatri na rungkun turiang.
Méga kulawu nutupan srangéngé nu lumingsir, iuhna niiskeun haté nu asa diteungteuinganeun ku nasib. Rasman maksakeun hudang, lunta mapay galengan nu nuju ka tegalan, padang panjang narawangan.*
Mulyana SA - kisuta.com


