Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Lebah Jungkrang Nu Lungkawing

Sabtu, 5 Oktober 2013

LEBAKEUN sasak, lebah jungkrang nu lungkawing, dipirig balebat, sorangan mindeng ngajejentul. Sawah di landeuh, dua usum teu kagarap. Ukur carinakdak.
“Bapa geus teu kuat ngagarap cuuu. Geura incah, tetegkeun tujuan.”
Dina usum hajatan, ondangan srug srog. Indung deui nu nyocokan. Pon kitu biaya sapopoe sakola si bungsu. Duuhh, hate mah mungguh era. Keur ripuh diriripuh kolot teh.
“Ikhlas kolot mah. Ngan rek tepi ka mana tepi ka iraha, hidep lelengohan? Nungguan naon deui? Da geuning nu mangkat taya beja-bejana acan!”
Mangtaun-taun kuring sosoranganan. Hate hare-hare pikeun mitembeyan ngababakan. Kumeukeuh tumetep dina wangunan nu simpe. Renggenek dina jungkrang hate nu ngan ukur sorangan nu apal. Lahir mah teu weleh ngabebenjokeun ku suka seuri marahmay budi. Campur gaul paragi lahan nyiar kipayah. Ngeureuyeuh sabisa-bisa bari jeung teu keuna ku ayeuh.
Antebna lamunan dina mangsa keur sosorangan. Ngeprik ngeureuyeuhkeun hanca, ngahuma lebah jungkrang nu lungkawing bari anteng ngumbang-ngambing pangharepan.
“Akang, abdi masih ngantosan lebah dieu. Sanajan jungkrang mingkin lungkawing tapi harepan angger ditancebkeun. Enya ge sawah buntar kahalodoan, tapi hurip jeung hirup mah tetep ngarah sugan!”
Pucuk pare sing arulang katiup angin katiga. Pucukna garing, buahna hapa. Deudeuh...keun! Panen teh geus kacipta pihasileunana. Tapi nganti wanci lir nganti anjeun nu mulang. Moal keuna ku biheung. Rek didagoan.*

Ratna Ning - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya