Baruang
"AYEUNA geuning waktuna," pikirna. Tiba-tiba datangna. Basa rék tibra. Tanpa kila-kila. Saharita ragana teu walakaya. Naha bet ayeuna tumiba? Sakitu kurang kumaha waspada. Sadrah. Lain ajal nu datang samistina. Tapi aya kalangkang peteng di satukangeunana. Ngan saha? Kumaha? Iraha? Sésa-sésa akalna barontak, norobos pinding misteri. Manéhna kudu apal -apal- méméh ajal datang. Kumaha si hianat migawéna?
Laju tingkelemeng panineungan mangsa kalarung: mangsa keur budak, bulu anak domba nu keur dicukur, katut sagunduk gajih babauan. Perkara nu dipigawé bapana ngeunaan pasualan rajapati. Ngabuktikeun yén enya bisa jadi cukang lantaran.
Késang tingrarenung. Awakna karasa tiis. Rénghapna beuki mondokan. Nyeri satulangsandi. Mimiti sagala kaku.
Sakeudeung deui, enya sakeudeung deui, Él-Maut bakal mapag manéhna. Cimata bedah. Dosa-dosa narémbongan. Raja kawasa nu bakal palastra. Bréh! "Gajih domba...! Salep tina gajih domba...! Anak aing!" Baruang. Ku cara éta si hianat nelasan manéhna. Elat. Kalangkang peteng kaburu ngabelegbeg. Karma geusan metakeun rosana.*
Budi Mugia Raspati - kisuta.com


