Sastra & Humor
Dongeng Pasosore
Salah Pok
Minggu, 6 Oktober 2013
Tok…Tok...Tok! Buku ramo ngetrokan panto. Simpé. Rekééét, geuning teu dikonci. Ngeteyep muru enggon. Poék. Indung Si Cikal nyegrék. Ucul-ucul, golédag wé gigireunnana. Janari nirisan.
“Mah...Maaah…” maksakeun noél, ngahudangkeun ku haroshos nu kebek kahayang.
Ngulisik. Simbut rada nyingkab. “Emmmhh…” Ker deui ngaguher.
Keup wé ditangkeup, sono tuda. “Mah…” Kulisik. “Mamaaah…”
“Hemmm…apa Pa? Sejak kapan Bapa manggil Ibu Mamah?” Koréjat. Buncelik. Panonna hurung ngaléntab dada. Sirah ngadadak méotan.
Ngolébat indung Si Bungsu. Seuri mawur. Nu karék bieu disonoan.*
Abu Ainun - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


