Kongkorong Beureum
ASA cikénéh susulumputan dirapalan. Teu karasa geuning geus jangkep dualas taun laki rabi jeung indung Si Bungsu téh. “Teu karaos nya Pah, tos dualas taun. Wilujeng…” cenah. Aluman alimen. Ramona tapis pisan mukaan kancing baju. Géléhé wéh sasimbut.
“Wilujeng ogé Mah…” Teu kebat, kaburu duriat nyahwat. Peuting mingkin meting. Kérék Si Bungsu di pangkéng, kasilep haroshos indungna.
Teu béda pangantén anyar. Silisedot. Silikenyot. Silitindih. Silicacapkeun kahayang. Ngalayang. Janari leutik luut léét késang. Nyésakeun tapak dina dada, jiga rantuyan anggur. Beureum. Les wé pules.
Peuting isukna…
“Capé ya Pa, Ibu pijitin ya…” Tapis pisan indung Si Cikal mukaan baju. Mencétan bari gégéléhéan. Kawas sasari. Kawas unggal malem ganjil. Beuki lila rénghapna ngerepan. Haroshos. Kebek ku salaksa rasa. Jadi béda ti sasari. Karasa leuwih rampus. Lungsé gé kapaksa hudang. Nyaring. Sakujur awak digaléntoran. Dilamotan. Dikenyotan. Sakuriling beuheung parat kana dada.
“Ibu juga bisa!” Cenah, bari milang tapak nu ngagaralang parat kana ranggeuyan anggur na dada, gagantélna. Ngongkorong beureum.*
Abu Ainun - kisuta.com


