Samar Harepan
KULUTRAK, panto enggon dibuka. Katinggali Doni masih diuk na pangsujudan. Gek, Ema diuk di sisi ranjang. Doni ngareret bari imut laju sungkem kanu jadi indung. Ema ngasongkeun sagelas cai herang jeung opat tablet obat nu kudu diinum ku Doni. "Dugi ka iraha abdi kedah gumantung kana obat teh?" Tanya Doni dareuda. "Wayahna, bageur sing sabar...sing kiat, nya..." Walon Ema ngalimba. "Ehm...pamohalan harepan abdi kasorang panginten upami kieu jalanna mah...." Doni neuteup Ema. "Na ari harepan Doni naon?" Tanya Ema bari nyusutan cimata. "Abdi mah hoyong gaduh tanah genep puluh tumbak, nu sapuluh tumbak dianggo ngawangun bumi kanggo Ema, sesana ngawangun masjid nu dikuriling ku balong sapertos masjid Al-Iqro nu di Kadungora aya terapi ikan sagala, di gigireun masjid disesakeun sapuluh tumbak mah jang pangbalikan Abdi...." Walon Doni. Ema ngarangkul Doni. Balilihan, nalika inget yen umur anakna digorogotan panyakit Leukeumia stadium akhir.*
Bunda Unie - kisuta.com


