Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Nu di Jero Panjara

Selasa, 8 Oktober 2013

WANCI janari leutik. Dikuriling témbok weweg. Beungeutna sepa. Panonna celong. Nangkarak bengkang ‘na samak saheulay. Ngahérang neuteup juru lalangit. Témbong lancah keur jongjon ngajeujeut imahna. Geleber kukupu. Torojol cakcak. Reup. Manéhna peureum. Bréh. Lalakon mangsa ka tukang narémbongan. Mangsa keur budak. Teu leupas tina aisan indungna, bari nyunyuhun jukut.Turun gunung ngeumbing pasir. Mangsa rumaja tara jauh ti masigit. Dipikareueus. Kabiruyungan. Saba kota. Jugala. Leng. Kabongroy ku rupaning mamanis. Kalangsu. Tonggoy pogot. Bréh. Beungeut nu karijut. Nu kungsi mapayan. Andiprek dina téras imahna anu ngagenclang. Tapak sukuna diseretu. Disangka baramaén ku pamajikanana. “Ema…, hampura…!” gerentesna. Teu karasa, aya nu ngalémbéréh haneut mapay pipina. Dumadakan. Hawar-hawar kapireng aya sora hariring ayun ambing. Melas-melis. Awor jeung sora tarhim. Ngalanglaung.*

Yuharno Uyuh - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya