Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Téng Manuk Téng

Rabu, 9 Oktober 2013

Téng manuk téng anak merak kukuncungan. Uyah mah tara téés ka luhur…
Enya nu téés mah ti luhur. Aya terah kitu nu nétés ka handap? Geuning uing mah teu nurun ti Apa, komo ti Aki mah.
Ngan kétang jigana aya wé saeutik mah nu nétés. Sanajan beuki handap beuki saeutik. Jamak wé. Tong boroning terah, cacakan bantuan ti pusat gé nepina ka handap mah ngan saménél.
Aki Jenat mah geuning nepika jangkep, tara kurang ti opat. Ka Apa mah nurun, ngan katétésan tilu. Meureun jamak wé mun uing ngan kuat dua téh.
Nuhun Aki Jenat. Nuhun ogé Apa, Katampi sakieu gé.*

Abu Ainun - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya