Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Diantara Untung Jeung Rugi

Kamis, 10 Oktober 2013

JEJEM dina usahana muka warung barabadan. Puluhan taun bisa nganteurkeun inyana munggah haji. Katompérnakeun, ku alatan umur, warung diurus ku anakna nu cikal.
"Bah, alhamdulillah Jumaah kamari mah warung téh untung gedé," laporan bakat ku reueus. Jempling. Teu ngawaro. Tiba rumahuh, socana semu nguyung. Nyarandé kana bilik bari sila tutug.
"Ku naon Abah, teu raraos salira?" reuwas nénjo raray nu jadi bapa pias. "Ké atuh urang ngogan Mang Anda, dileles geura."
"Entong! Abah cageur, jagjag malah. Bieu mah reuwas mireng hidep meunang untung gedé. Omat ulah kitu peta!" ucapna datar.
"Har ... ari Abah. Kapan dagang téh ngala bati, muru untung. Ari kitu?"
"Ulah hayang gedé untung, sabab pasti aya nu karoroncodan rugi gedé. Teu hadé pikahareupeun." Udud dunkawung diseuseup jero pisan. Bangun ni'mat.*

Entjep Sunardhi - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya