Roti
TEU paséa mah, ngan dada asa bejad. Panyakit matuh, élodan taya bosenna. Unggal nu hérang dihelaran. Keur niiskeun panas haté, mending baranggawé. Léos ka dapur. Tatahar nyieun kadaharan keur maturan ngetéh engké soré. Sok tarigu, gula jeung ragi dikana baskomkeun. Kocokan endog jeung cai diasupkeun, laju digaley ku leungeun bari mata ibunan. Sup tarigu sésa, digalo jeung mantéga.
Ngadonan pindah kana méja. Gebot-gebot sakuat tanaga. Huntu kekerot. Késang jeung cimata nyurulung paheula-heula. Adonan dibuleud-buleud, dieusian coklat jeung kiju, bari meper haté nu hanjelu.
Nu seungit angin-anginan diwadahan kana lodor. Entéh héjo dina téko ditinyuh cai ngagolak. Cur kana cangkir, sup gula laju dikocék bari nyusut cimata ku tungtung baju. Nanggeuy baki muru téras. Song ka salaki. “Mangga raosan, roti bati nyeri.”*
Tiktik Rusyani - kisuta.com


