Multazam
NASIB teu silihbintih, qodar teu silihtémprang. Dasar rijki teu burung kabiruyungan bisa naék haji. Najan ceuk syaréatna pimohaleun. Salaki pangalana leutik, sakapeung koréh-korék cok bari jeung ogoanana béak karep. Alhamdulillah bati sabar jeung rikrikgemi ,bibilintik bisa ogé ngalunasan oénha tepat waktu. Babaturan pada mantuan, silihrojong sauyunan bari marihapé ménta didungakeun di multazam, hiji tempat nu sohor pangmakbulna.
Bus ka Hijr Ismail. Malipir lalaunan. Gep leungeunna muntang ka biwir panto multazam. Sakabéh pangharepan jeung du’a titipan dibudalkeun taya nu kaliwat. Lebah dunga pamungkas, bet inget ka salakina. Lalaki pangangguran nu loba pisan ugetna tapi édas haté mah teu mikeun pegat. Dereg ngadunga, “Gusti...! Abdi capé sareng taak ngaulaan nu jadi carogé. Mugia tiasa masihan nu haat ngabantosan sareng pami tiasa gaduh putra téh sanés tina rahim abdi wungkul! Rarépot pisan. Aamin.”
Tawaf wada’. Mulang ka sarakanna. Kasampak balatak budak. Jeung tilu biang anyar nu keur ngarurubung salakina.*
Mulyana SA - kisuta.com


