Kahormatan Diri
“GANDENG! Isuk Ema rék dibuat.” Jep, kawas gaang katincak. Budak téh teu ngadingdiut kawas tadi. Ukur rénghap sisimekeun. Budak dipelong salila-lila. Bet ujug-ujug aya nu sumélékét dina haténa. Keureutan beungeut namblég bapana, nu tilar dunya dalapan bulan ka tukang. Kaurug cadas. Réngsé subuh, manéhna ngiciprit muru sawah Haji Anang. Béak hanca. Beubeunangan diasongkeun. “Geuning ngan sakieu, Nyai? Atuh ngan sageugeuseun!” Haji Anang umat-imut. Kumasép. Ngagiler ka lebah dada. “Nyuhunkeun kacitresna. Pasihan dua geugeus. Pun anak kedah SPP.” Ki Haji beuki kumasép. Tuluy muril-muril kumis. Ngaharéwos, “Uing rido. Ngan panto tong ditulakan!” Meg. Aya nu ngabagel. Manéhna ngejat. Mulang ngagidig bari jejebris. Panto dibalangkeun satakerna. Brek, andiprek na balé-balé. Diuk ngabeubeutkeun manéh bari rénghap ranjug. Lalaunan panto benghay. Rikat ngoréjat. “Kajeun modar, aing mah!” ceuk haténa. Panon merong kana panto. “Ieu mah rido. Ti Euceu, Nyai! Nyai mah awéwé pengkuh!” Pamajikan Haji Anang ngasongkeun paré opat geugeus. Panon beueus. Haté bedah.*
Iwan Hanjuang - kisuta.com


