Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Isuk-isuk, Basa Hujan Ngaririncik

Minggu, 13 Oktober 2013

ISUK-ISUK. Hujan ngaririncik. Noélan kaca jandéla. Ngamalir, nyieun gurat. Kuring, neuteup leleb nu keur didangdanan. Enya geulis. Ngelemeng deui, basa ngarenghik, "Apa hoyong itu," curuk nunjuk bonéka barbie. Teu ditedunan. Ngajeten, tuluy lolongséran. "Apa, Néng kuliah téh hoyong nyetir mobil nyalira," teu diturut. Ngiles, duka kamana. "Apa, ari Néng siga saha?" cenah, hiji waktu. "Apa, saur batur, Néng mah teu siga sasaha," pundung, pirajeunan. Rada minculak budak téh. Tara bisa dihulag. Adat kakurung ku iga. Najan kitu nyaah téh hamo bisa laas. Bubuhan budak ngan hiji-hijina, meunang hayang. Poé ieu, manéhna jatukrami. "Hampura geulis, lain Apa nu ngawalian hidep, apa mah teu boga hak," kuring dumareuda. Cimata nyalangkrung, laju ngamalir. Nyieun gurat dina pipina. Hujan, duka iraha raatna.*

Budi Mugia Raspati - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya