Sastra & Humor
Dongeng Pasosore
Nu Nyandung Malem Lebaran
Senin, 14 Oktober 2013
DULUGDUGDAG dulugdugdag dulugdugdag. Haté ngadulag. Pikiran ngabulak. Biur ka nu sepuh, ripuh. Bral ka nu ngora, balangsak. Dicacampah indung si cikal, ditundung indung si bungsu. Si cikal ngajak takbiran, si bungsu murukusunu. Ka ditu fardu, ka dinya kawajiban. Takbiran asa nyindiran. Sora dulag ngadulugdag, ngaruntagan ngaruntagkeun. Dug hulu ngageledug, dag awak ngagolédag. Golédag di jero bedug. Dulugdugdag dulugdugdag dulugdugdag.*
Abu Ainun - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


