Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Sajak

Saha

Senin, 14 Oktober 2013

- keur Héni Héndrayani

saha nu ceurik lebah mumunggang sukma
basa anjeun ngadalingdingkeun ayat-ayat suci
saamparan méga malang dumadak ilang
di jéro dada. Dada uing.

sakali deui, saha nu ceurik lebah mumunggang
sukma, basa ayat-ayat suci didalingdingkeun
ku anjeun? Uing taya sora, taya bisa cumarita
iwal ambekan nu rénghap-ranjug

2003

Soni Farid Maulana - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya