Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Torowongan Mina

Selasa, 15 Oktober 2013

KU alpukah para putra sareng mantuna, Mama Sastra sareng garwana tiasa munggah haji. Bungah taya papadana.
Nalika bérés wukup di Aropah, beus rombongan Mama Sastra badé ka Mina, majuna hésé pisan. Macét. Aya lolongkrang gé, beus teu maju, supirna siga nu ngalamun. Beus kapiheulaan ku beus-beus nu séjén. Panumpang arambek. "Teu balég supirna!" Gorowok Jang Jana, bandar jékét kulit nu kasohor barangasan. "Hadirin, kedah sabar, pan urang téh nuju ibadah." Kitu kasauran Mama Sastra. Anjog ka Mina rada telat. Rombongan paheula-heula nuju ka kémah. Jang Jana belecet indit, rék jumroh. Abus ka Torowongan Mina, geus pajejel-jejel. Nu rék jumroh jeung nu balik jumroh paadu-hareupan di jero torowongan. Silih séréd, silih dorong. Jamaah pating kocéak, loba nu labuh terus kagaley. Nu maot mangpuluh-puluh. Béja sumebar ka mana-mana. Rombongan Mama Sastra nu badé arangkat jumroh, bolay, nunggu Torowongan Mina diberesihan ti nu carilaka. "Untung beus urang telat datangna," saur Mama Sastra.* 

 

Noorfatah Muhammad Dimyati - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya