Hariring Ti Lebah Gapura Sakola
CUNDUK mangsa dibagi rapot. Di jero kelas, barudak teu sabar hayang geura nyaho hasilna. Ngabandungan piwuruk ibu guru bari deg-degan. “Sing soson-soson deui diajarna, ulah kedul, sing leuwih undak deui prétasina,” saur Bu guru. Laju rapot dibagikeun. Barudak jaligrah. Geus bisa namatkeun pangajaran sataun. Naék kelas. Saruka bungah. Cung-cong sasalaman, nganuhunkeun ka ibu guru. Buru -buru ka luar kelas. Siligabrug. Silitingalikeun rapot. Di buruan sakola jadi ramé. Ku nu éak-éakan, siliudag, arocon, gogonjakan, ager-ageran. Atoh mapag mangsa peré sakola. Kasawang hadiah naék kelas, nu bakal katampa ti kolotna séwang-séwang. “Horéééé…naék!” “Horéééé…peré!” Dibarung surak ajrag-ajragan. Lulumpatan ngurilingan buruan sakola, bari ngacung-ngacungkeun rapot.
Ti lebah gapura sakola. Kapireng hiji sora, awor jeung patinggorowokna barudak. Ngahariring halon. “Rasa gumbira rapot alus angkana, seuri jeung surak, ha…ha…ha. Seubeuh pamuji irung gé asa kembung. Igel- igelan, pak…pong…pak…pong…gung…,” ditungtungan ingsreuk. Karung eusi botol palastik, teu lésot tina taktakna. Maturan paneuteupna. Nu mimiti teu témbrés, kahalangan cimata.*
Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu - kisuta.com


