Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Kembang Talatah

Jumat, 18 Oktober 2013

Manéhna datang deui, mikeun cindung kayas.
“Nu saé nya, kang, ..énjing bade dicandak, ongkosna mah nyanggakeun wé..”, cenah.
Sok léos, ukur karérét giplekna.
Ampir sapeupeuting ngajékjrék, meureut kesang. Ngabordir kahéman dina lawon petingan. Serétan, diadumaniskeun reujeung gaclukan. Kembang deui. Motif talatah keur manéhna, najan dina wanda nu teu sarupa. Sugan poe isuk mah manéhna surti. Mugi-mugi Gusti…
Geus jadi, lawon diilikan deui. Haté asa lugina, keur kasakitu kalina
Cindung téh tuluy diambung, nyeuseup sari kembang malati. Ungas ingeus, asa béda ti sasari. Bau hangit nu kaduruk.
Rét, ka handap, obat nyamuk nu ngelun kari sauted deui.*

Asep Komara - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya