Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Kado Rayagung

Sabtu, 19 Oktober 2013

Néng Engkur Amalia nu buheukeu ngadahup jeung Jang Kasmin Ma’muloh nu bayuhyuh. Nurub cupu. Didahupkeun pas poéan lebaran Rayagung ayeuna. Malahmandar babari nginget-ngingetna mun jaga hayang ngareuah-reuah dina miéling poé jadina. Engkur dimaskawinan sapi kurban nu langsung dipeuncit harita. Bada dirapalan pangantén ka tempat pajagalan. Ngaluuhan prosési pameuncitan.
Jagal sayaga. Tambang geus diborogodkeun ka sapi. Méméh bleg ditarik sapi nyarita, “Tiasa abdi masihan kadeudeuh kanggo dua pangantén?” Nu haladir talakbir, bakating ku héran aya sapi bisa nyarita. “Heuuug!” ceuk jagal. “Mang jagal, sabada abdi nilar pasihkeun dua soca abdi ka pangantén istri sareng dua cepil abdi kanggo pangantén pameget! Tiasa?” Jagal unggeuk. Geresel péso megatkeun dua urat nu natrat na beuheung sapi. Wasiatna jadi jimat pikeun dua pangantén nu apanjang-apunjung sauyunan. Jembar rundayan, lubak-libuk tur ngahenang-ngahening. Tiis ceuli hérang mata.*

Mulyana SA - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya