Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Nu Ngainbok

Sabtu, 19 Oktober 2013

GEUS sababaraha peuting. Unggal wayah kieu. Sok aya nu ngainbok. Eusina pondok. Hayang jonghok. Teu kaharti. Saban tas ngilo eusi inbok. Sok kapireng nu keketrok. Ditéma ku sora nu ngoétkeun kuku. Kana panto. Kana témbok. Kana jandéla. Kana haté. Enya. Haté. Ujug-ujug pating sérédét. Seseblakan. Komo basa nyobaan maluruh akun nu ngainbokna. Jajantung dumadak ratug. Sada aya nu leumpang di pipir. Léngkahna semu digusur. Gesruk. Gesruk. Puriding. Sabulu-bulu carengkat. Kamar karasa ngalegaan. Taya tempat jang nyumputkeun kakeueung. Trok! Trok! Trok! Jandéla. Lir nu ngagupayan. Haté asa kabetot. Ised. Ised. Nyampeurkeun. Lalaunan. Leungeun katuhu ngarongkong selot. Kulutrak. Bréh.*

Inda Nugraha Hidayat - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya