Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Esey

Sunda Tandang

Minggu, 20 Oktober 2013

REA kahariwang nu terus jadi padungdengan ngeunaan ‘sihung’ urang Sunda dina ngayonan jaman. Pangpangna, kalungguhan wewesén kapamingpinan dina sagala widang kahirupan—utamana dunya pulitik nasional. Éksisténsi hiji jalma saeutik-gedéna baris mangaruhan tur nangtukeun nasib sélérna ka hareupna.Dihenteu-henteu gé kasang tukang kahirupan sok aya rambat kamaléna kana ‘bandéra’ kelompok nu dibawana.

Sakumaha nu ditétélakeun ku Avolio jeung Gardner (2005), karancagé hiji jalma dina nangtukeun jeung ngalaksanakeun konsép kapamingpinan (components of authentic leadershipdevelofment), baris mangaruhan kasang tukang idéntitasna. Salila ieu, urang Sunda can mampuh nyusun tur ngajalankeun konsép kapamingpinanana, boh réalisasi konsép tina tradisi nu geus aya, boh révolusionér nyusun konsép anyar, tanpa ayana kasadaran koléktif katut jati diri.

Tangtuna, hal ieu lain maksud rék nyundut sikep fasis atawa sukuime. Tapi, minangka panggeuing ka sakumna urang Sunda nu salila ieu masih tibra dipépéndé eureup-eureup sésa penjajahan. Sikep ‘sumuhun dawuh’, ‘mangga ti payun’, atawa ‘ngiringan baé’ téh meujeuhna digetrik ku ‘halik ku aing’. Lila kumawula ka deungeun, nu antukna sadrah kana kaayaan kiwari, tanwandé jadi impian riwan saban ngaringkang.

Salasahiji bukti kamajuan pamikiran hiji sélér nyaéta robahna tradisi lisan kana tulisan. Bisa katangén, yén buku-buku nu merul medal saban taun—nu ditulis ku urang Sunda—réréana masih mangrupa sastra. Sedeng nu mangrupa pangaweruh katut pamikiran bisa kaitung ku ramo. Ieu nuduhkeun tacan ayana kamajuan dina jihad inteléktual.

Parandéné kitu, kudu aya kasadaran integritas pikeun ngawangun deui tatapakan nu geus ropoh. Dimimitian ku ngipuk karakter psikologis jeung sosial di lingkungan kulawarga jeung lembaga atikan formal. Ngaliwatan pamarekan kultural nu leuwih ngaronjatkeun jihad kognitif, apéktif, jeung psikomotor. Lian ti diwewegan ku pangaweruh jeung tatakrama, tapi ogé implementasi sikep nu weweg dina kahirupan. Mangkéhing teu ukur nyangking ‘élmu’ tapi ‘ngélmu’.

Karakter Pamingpin Sunda
Ku hal éta, perlu ayana ‘perjuangan budaya’ (biopolitics) ngaliwatan rupaning cara. Sangkan reueus kana idéntitas sorangan teu sawates ‘agul ku payung butut’ nepika ‘jati kasilih ku junti’. Wungkul mupusti wujud simbolis tanpa rasionalisasi kakuatan karakter (fighting carakters).Timbul pertanyaan, naon atuh nu matak salila ieu urang Sunda stagnan dina ulekan mangsa? Jawabanna, bet inget kana ungkara politikus Sunda, Tjetje Hidayat Padmadinata, cenah urangSunda téh butuh inspirasi pikeun ngajalankeun sikep réalistik sakaligus visionér dina ngayonan jaman kompetisi.

Ieu inspirasi bisa mangrupa nulad/ngeunteung ka luar, bisa ogé ka jero (ngaliwatan napakuran warisan tradisi/kearifan lokal). Ngaludang deui ajén-inajén budaya sorangan ceuk Slavoj Zizek, filsuf Eropa, disebut pulitik nu saenyana (jujur, amanah, musawarah, transparan, pengkuh), tur lalawanan tina pulitik saru, licik, nipu, transaksional, nu salilana jadi imagologi démokrasi.

Di Sunda, réa palasipah hirup nu kawilang jembar tur perlu diguar deui pikeun numuwuhkeun sirung-sirung pamingpin Sunda. Hususna, pikeun mingpin dirina pribadi. Angot ieu palasipah téh horéng masih rélevan dina kahirupan kiwari. Sakumaha nu kapanggih dina naskah Sanghyang Siksakandang Karesian, Fragmen Carita Parahiyangan, Amanat Galunggung, jeung Sanghyang Hayu.Antarana, cageur, bageur (emotionality ability), bener (moral ability), pinter (intellectual ability), singer (personal ability), teger (resilience ability), tajeur (excellenceability), jeung wantér.

Cageur, hartina séhat rohani jeung jasmani, atawa dina naskah kuno sok disebut wak (énérjik) jeung cita (salawasna miara haté tina rupaning rereged). Bageur, hartina hadé budi, boh weweg dina élmu agama boh larapna dina kahirupan sosial, nu diwangun ku lima sikep; budi (wijak), animan (soméah) guna (arif), pradana (soléh), jeung karawaléya (sok tutulung).

Bener, lain teu pernah salah, tapi mampuh introspéksi, narima tur daék ngoméan kasalahan. Nu antukna ngahasilkeun sikep isitwa (jujur) dina lisan jeung paripolah. Nu pamustunganna bisa ‘saciduh metu sakecap nyata’. Sedeng pinter hartina cerdas dina pangaweruh jeung nyanghareupan pasualan. Pamingpin kudu lega wawasan tur teu pernah sugema kana sagala nu geus kapibanda.

Singer, lian ti lagiman/cangcingan(rancingeus) tapi ogé langsitan(rapékan) jeung calakan dina ngaréngsékeun sakabéh pasualan. Nincak kana hambalan teger, nyaéta teuneung, nu patalina jeung ahiman (pengkuh) sarta prakamya (tekun/leukeun). Néma kana tajeur/tanjeur, nyaéta pageuh/ajeg pamadegan teu luak-léok miyuni pucuk awi. Sarta wantér, teu éraan, daék turun langsung mémérés pasualan, tur panghareupna dina méla bebeneran.

Mangsana Hudang
Lian ti éta, réa kénéh tuladan nu bisa dicokot tina palasipah hirup séjénna. Horéng, ‘ka tukang ngala sajeungkal ka hareup ngundeur sajeujeuh’ téh hartina lain baé kaweruh ti deungeun nu wuwuh dijungjung minangka babandingan kiwari, tapi kearifan lokal gé kudu dipupusti tur diaplikasikeun minangka udagan kahirupan pingburi/baringsupagi.

Kiwari, urang Sunda geus mangsana hudang, aub dina sagalawidang pikeun milu jadi tuturus ieu nagri. Jiwa kapamingpinan kudu terustumuwuh ngaliwatan generasi ngora. Lain baé digugulung ku nu kolot. Kapan ceuk Karl Marx ogé, palasipah hirup téh lain baé mikiran dunya, tapi ogé kudu ngarobah dunya. Tangtu, generasina nu baris ngajawabna.

Nurutkeun R. Iman Murdika dina bukuna Niskala Purbajati: Filsafat Sunda Wiwitan (2013), réa palasipah hirup urang Sunda—nu kaunggel dina prasasti, naskah kuno, tradisi lisan, jrrd—nu bisa dibaca ti mangsa ka mangsa. Contona, nu kaunggel dina puisi buhun Purbajati-Purbanastiti: Nyarios ulah jeung nojos/nyarita bari benerna/saomongna jadi jimat/ saucapna janten kaca/ kedalna mancur cahaya/ carékna laras hing alam/...ra’yat bosen ku babasa/ jangji ngan ukur ungkara/ dogdog pupuhu nagara/arembung ngigelanana/nakol bedug babarengan/bari dikir saréréa.

Réa pamingpin ‘kajajadén’ nu wungkul mentingkeun kapentingan pribadina, batan narékahan tur mikiran pasualan nu keur jeung baris disanghareupan. Antukna leungit kapercayaan rayat. Bongan kanyataanana pamingpin nu diandelkeun jauh tina harepan. Kalah pacowong-cowong marebutkeun paisan kosong. Wungkul politik pencitraan, amis mimitina, bet pait pamustunganna.

Ayeuna kari napakuran diri séwang-séwangan, geus tepi ka mana ngaléngkah? Naon nu geus dibekel jeung diundeur? Rék ka mana anjog? Naha rék noyod notorék tur meureumkeun manéh, api-api teu eungeuh kana pajeujeut jeung harénghéngna pasualan, atawa singkil babarengan geusan tandang makalangan.

Ras deui kana pada puisi buhun satuluyna, Siliwangi: Saseungit hing sawawangi/ lain wawangi malati/ sanés puspa rampé kentil/ seungit paripolah wening/ wangi kaiklasan batin/ silih seungit silih wangikeun.* Ari Andriansyah - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya