Sastra & Humor
Fikmin
Curug Pangantén
Selasa, 22 Oktober 2013
RUP ku halimun. Sawaréh sumarangsang dina jalan jeung péngkolan nu marites, dina séngkéd, dina unggal undak titincakan. Teu béda ti gaun panjang, ngaruruban tapak-tapakna saméméh langgeng ngalayang. Ieu anginna. Ieung! Geuning bet nyorangan deui, ngeundeuk-ngeundeuk suku gunung. Dikamanakeun? Simpé! Basa écrak gamelan batu, ditabeuh cai.*
Arom Hidayat - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


