Nasib Haji Gofur
HAJI Gofur. Bandar béas. Jegud. Harita, sa-Kawadanaan Bojong mah, nu pangheulana boga treuk téh nya manéhna. Campur gaulna jeung papada pangusaha, tokoh partéy, ulama, pejabat sipil katut militér. Najan kitu, teu poho ka nu leutik. Mindeng jadi pamuntangan. Mun aya organisasi nu ngayakeun kagiatan, teu weléh jadi donatur. Teu pulah-pilih, rék organisasi mana waé gé, créng. Mun teu duit, nya nyumbang ku béas.
PNI rapat akbar, PKI kerja bakti, NU milangkala, manéhna milu nyumbang. Mun aya nu ngabringkeun massa, treukna nu sok diinjeum téh. Manéhna mah tara pupulitikan. “Sakabéhna téh dulur kuring. Ieu mah éstu nulungan wé sabisa-bisa,” pokna.
Jelegur kajadian 1965. “Kang Haji aya dina daptaran nu sok ngabantu PKI. Hampura, abdi teu tiasa nulungan,” ceuk pejabat militér, nu ogé babaturanana.
Ti harita, gudang jeung tokona dijadikeun tangsi militér. Imahna dirampas nagara. Euweuh nu ngabéla. Haji Gofur kaaniaya tepi ka maotna. Anak incuna gé katalangsara, tepi kiwari.*
Rameli Agam - kisuta.com


