Tara Aya Manéhna
UNGGAL-UNGGAL balik, di imah téh sok tara aya manéhna. Sidik deuih manéhna taya ka dieu, salila kuring indit téh. Kabireungeuh tina kaayaan imah anu taya robahna. Kitu deui sanggeusna kuring datang ka imah. Manéhna angger sok ditutungguan, bari ngahuhuleng sorangan. Tapi manéhna taya embol-embol. Tug ka poé isukna deui. Nepi ka kuring balik indit-inditan. Kuring tara ieuh pegat harepan. Sok ngarep-ngarep mun manéhna aya di imah. Tapi panto angger ngonci kénéh siga mimiti. Kaayaan di jero imah sarua jeung basa ditinggalkeun indit isuk-isuk.
Taya eureunna, lawas pisan; kitu jeung kitu unggal poé ogé. Unggal balik, kuring sok ngarep-ngarep manéhna aya di imah. Tapi angger di imah téh tara aya manéhna. Kuring gé ngarti, mustahil manéhna aya di imah. Da mémang manéhna teu kungsi aya dikieuna. Tapi kahayang mah atuh unggal kuring balik téh manéhna geus aya di imah.*
Lugiena De - kisuta.com


