Geni Pamatri
AYA nu ahéng dina téténjoan. Unggal nyorang jalan nu bras ka pangkalan. Remen nénjo manéhna keur nyiram kekembangan. Atawa keur sasapu di buruan. Bet jadi kalangenan. Nineung ku rindatna. Jeung kolényay pundukna. Haté tumanya. Ieu mahluk ti mana jebulna. Dina jajaran asrama, dina dedeg pangeusina nu méh sarimbagan, manéhna nyéngcélak sorangan.
Lamunan sok kababawa ka sisi landasan. Bari ngiuhan handapeun jangjang kapal. Ngarampaan Sidewinder asa nyabakan léncop ramona. Nyeueung Sparrow asa nyawang lengkéh cangkéngna. Waas kabina-bina. Kapok ngalamun téh ti saprak harita. Basa hareupeun geus aya nu ngabedega. Perwira jaga.
Briefing di kantor teu papanjangan. Kolonél Bisri kawas nu surti.
“Tandem anyar!” Saurna. Ieu haté ngadon kokoléaban. Ukur bisa ngarérétan hélmna. Rose. Atra.
Tulus ngajaul téh. Ngalak paul. Jeung manéhna. Nyorang sareupna. Manuk beusi buntut geni, beuki nyewuk taya karisi.
“Badé kamana ieu téh?” Sorana gumeter dina héad phone.
“Moon! To the Moon!” Diwalon ku geter sora nu sarua.*
Asep Komara - kisuta.com


