Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Siger Tengah

Minggu, 27 Oktober 2013

DÉNGDÉK ka kalér. Ukur dipépéndé waktu gawé. Usum panén dimomorékeun. Ngahénén. Nu nabeuh, nabeuh. Nu ngampar, ngampar.
Ngarangkul ka urang kidul. Gawé wadul, tukang rahul. Buruh ukur udud bako sebul. Suda hurung. Mun geus nangtung, éstuning tunggul dirurud taya catang disésakeun. Dugul.
Nunjang ngétan. Capétang lebah ucap. Perténtang mun biantara. Semu héman siga nyaah. Hanjakal miyuni hayam bikang keur megarkeun. Kokotak ingkah ti sayang. Miceun sieur miceun mérang. Minangka mandi ngupuk dina taneuh garing beunang ngoréh. Gigibrig. Teu lila nyirekem deui.
Madep ngulon. Cenah boga papagon. Beunang noong tina lalakon kolot. Nyombo. Bari noyod. Loba omong gedé bohong. Bolostrong.
Siger tengah. Nyanghareup ka madhab papat. Rahayat jadi panutan. Bari muntang ka nu jadi Maha Pamuntangan. Bagéa. Mugia énggal datang. Sinatria pangharepan.*

Entjep Sunardhi - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya