Paamprok
Poé Ahad jangkep...
Hudang isuk-isuk téh asa salaleger. Sagala nu katempo di imah jiga nu ararimut. Si Bungsu geus mandi mani geulis sareungit. Komo indungna mah, unggal paamprok ténjo musam mésem. “Nuhun tadi wengi nya Pah,” cenah. “Jajapkeun ka Cigondewah wé ayeuna mah, badé mésér kaén.”
Ukur unggeuk. Biur laju ngulon ka Cigondewah. Ngahaja kana mobil ungu Si Bungsu. Nyamuni. Reugreug. “Jung jeung Ucu wé, Papa ngantosan di mobil,” cekéng téh.
Tamba kesel muka pésbuk. Sempet meureun ngajempolan waé mah. Sanajan rada jauh gé katingali kénéh Si Bungsu jeung indungna anteng milih kaén di kios ujung, langgananana. Dilieuk deui, anteng kénéh nénjoan kaén. Dilieuk deui, astaghfirullah..., geuning bari ngobrol jeung indung Si Cikal. Katangén akrab pisan. Gustiii... nawet jadi kieu.
Gancang nétbook dipareuman. Nyalingker. Rék nyérangkeun ti kajauhan. Nuhun Gusti, teu warawuheun geuning pamajikan téh.*
Abu Ainun - kisuta.com


