Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Kalangkang

Senin, 28 Oktober 2013

CAHAYA matapoé nu kari sésa-sésa, moncor kana sela-sela tatangkalan. Némbongkeun dua kalangkang manusa dina léngkah-léngkah kebat jalan satapak. Muru lebaran cunduk.
Laju peuting nyaring, tanpa purnama nu didama-dama.
Randeg ngareureuhan, bari nyarandé kana tangkal pineus, satutas sora anjing babaung mingkin hawar-hawar kapirengna. Hégak mimiti antaré. Dua manusa dina baju leuseuh nu sarua. Si Cepak jeung Si Jabrig, pada-pada teu wanoh. Tuluy silih dongéngkeun lampah hirup. Si Cepak alatan rajapati. Si Jabrig mah ngarogahala. Uplek. Si Jabrig niat rék tobat, hayang masantrén. Si Cepak mah bakal nepungan kakasih di pajaratan, méméh manggihan Si Nyai di panti asuhan.
"Saha ngaran téh?" Si Jabrig tumanya. "Déwék, Lais, ari silaing?" Témbal Si Cepak. "Ngaran kuring, Bisan." Rey. Ngaran nu saban poé ruménghap, ngaririwaan. Ngadak-ngadak buringhas, rikat nyabut pakarang tina cangkéngna. "Anjing...! Sia geuning mangkelukna...!" Aya sora jumerit. Peuting ngahinghing di leuweung keueung. Lebaran hamo kungsi datang.*

Budi Mugia Raspati - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya