Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Kawenehan

Senin, 28 Oktober 2013

GEUS kajudi. Jalan teh enyaan sepi. Ngaliwat ka kebon tiwu nyorangan wanci tengah peuting jiga kieu, paling oge disebut nu weureu.
Leungeun tipepereket nyekel stang. Gas ditarikan. Sora knalpot motor ngaweuhan, tinggelendrung nakolan mangrewu tangkal tiwu nu rajeg kenca katuhu.
Teu lila, aya lampu nu nyebrot ti tukang. Ca'ang. Hate bungangang, asa aya nu maturan. Beuki deukeut beuki mabra, jalan di hareupeun jadi atra kawas tibeurang. Hemeng, aya lampu mobil sakieu cangrana. Jeung deui asa teu kadenge sorana. Direret tina kaca spion, serab ku ngelemengna warna perak.
Gas rada dikendoran, lah-lahan ngalieuk ka tukang. Edas, ngan sakilat nu nyaangan teh geus aya gigireun. Kaayaan jiga tengah poe ereng-erengan.
Jentre. Teu nyurup mobil saeutik oge. Ngalayang luhureun aspal...
Kulit leungeun mimiti ba'al.*

Asep Komara - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya