Sastra & Humor
Fikmin
Poho ka Diri
Selasa, 29 Oktober 2013
LOMARI dibudalkeun, eusina diawur-awur. Patulayah. Hiji-hiji ditengetan, angger lebeng, teu manggihan nu ditéangan. Laci disasaran, sugan aya didinya. Angger.
Di kolong méja, kolong dipan, di goah nepi ka jamban, ngotéktak sugan panggih jeung katerangan. Angger teu manggih. Kuring ngarahuh. Leng ngahuleng. Sugan kaimpleng, tapi sawangan bet asa neumbrag nu poék. Lebeng!
"Anjeun apal? Ari kuring saha?"
Sakabéh nu ditanya ukur gideug.*
Is Tuning - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


