Basa Kuring Maot
BASA kuring maot, nu nungkulan téh tokoh carita. Ibur saalam karangan. Béja pabéja-béja. Jul-jol para tokoh carita. Ti deukeutna ti jauhna. Geus puguh ti nu salembur, nu ti nagri deungeun gé aya. “Pangarang urang maot,” cék tokoh carita dina fikmin kuring, nyuuh ka sobatna anu ngalayad. “Wayahna sing sabar. Do’akeun baé, almarhum sing meunang kabagjaan.” Puk-pok nu ngucapkeun béla sungkawa. Para tokoh carita tina “Dongéng Énténg ti Pasantrén” mah hémpak ngaraji yasin. Nu ngaheruk di juru, diiket, kumis jokrom, Madraji, tokoh carita dina carita pantun modérn. Nu ti nagri deungeun, antarana waé, Ana Karénina sarimbit, Roméo kadua Juliét, jrrd. “Iraha badé dikurebkeunana?” cék Ana Karénina. Tokoh carita kuring némbal, “Ngantosan heula Don Kisot sareng Sancho Panza. Pesen ulah waka dikurebkeun, cenah, saméméh maranéhna datang.” Sanggeus saréréa kumpul, kuniang kuring hudang, muka samping kebat nu ngarurug awak. “Bagéa,” cekéng téh. “Teu maot kami téh. Ngan keur leungiteun idé. Nuhun geus daratang.”*
El Hijar - kisuta.com


