Panginditan
KOLOTRAK. Tulak diésérkeun. Panto muka. Jut kana golodog indit. Miang ka pagawéan. Teu disendal, teu disapatu da éta mah ukur dipaké taun kali. Ari aya pésta agustusan. Nyorén bedog bari manggul pacul. Nyoréndang koja eusi timbel karo sambel. Bekel keur kaliasan alatan beuteung teu kaeusian.
Muru huma. Paréna kakara beuneur héjo. Keur meujeuhna éngkak-éngkakan. Sésa panén usum kamari geus ipis, boa isuk mah korédas. Piraku kudu nguyang. Leuheung basa aya nu héman. Nu dipantang meunang wiwirang, dianggap tukang jajaluk.
Sajongjongan ukur nangkeup tuur. Cinutrung dina tunggul nu tutung sésa ngahuru waktu ngabaladah muka pihumaeun.
"Tikkur...kuk. Tikukur...kuk." Sora tikukur lebah rungkun awi awor jeung séah angin neumbrag lamping nu lungkawing. Laun-laun sorana bet jadi robah kadéngéna, "Tong ngaring...kuk. Tong ngaring...kuk." Sora haté nikukur neumbrag rasa kamelang. Gasik tuluy indit. Mangpang-meungpeung tanaga tacan suda.*
Entjep Sunardhi - kisuta.com


