Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Tawanan

Kamis, 31 Oktober 2013

KEUR anteng madungdengkeun serangan ka gudang senjata engké peuting jeung papada pajoang. Ti kajauhan katingali Kopral Sarkim lumpat meni nyebrut. “Létnan Hérman, disaur ku Komandan. Aya telik sandi pihak musuh nu katangkep,” cenah bari haruhah-haréhoh, nepi ka poho kana ngahormat.
Gidig muru pos komando. Barang anjog, kasampak Mayor Suhardi keur nangtung siga nu nungguan. Sanggeus males ngahormat, anjeunna sasauran. “Cing pangnalékkeun. Sugan ku Létnan mah beunang diselok. Tadi ku Sersan Kusnadi mah teu betus. Mawa misi naon nu saenyana, kekelendepan abus ka barak.”
Sup ka kamar pamariksaan. Nu diuk nukangan, buukna diuntun hiji. Asa-asa. Barang malik, gebeg! “Lasmi?” Nu diuk cengkat bari muru. Gabrug meni pageuh mereket. Humiliwir seungit malati tina buukna. “Kapan tos jangji badé sasarengan. Abdi teu kiat dikantunkeun.”*

Tiktik Rusyani - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya