Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Na Tanjakan Emen

Sabtu, 2 November 2013

DASAR Supir bedegong. Ari dibéjaan, kalah malik mapatahan. Tahayulah. Ngadeukeutan siriklah. Nya ari geus mogok kieu mah. Uing deui wé nu katempuhan. Kudu saré dina mobil. Coba méré roko. Meureun moal kieu kajadianna. Jaba girimis. Jaba nyedek ka sareupna. Nyaan sisit kadal nasib kenék mah. Tok, tok, tok. Gebeg. Aya lalaki ngajanteng. Beungeutna, karijut siga tapak karérab seuneu. Nyéréngéh jeung ngisarahan, nitah muka panto mobil. Haté ngageter. Pikiran goréng. Tapi teu burung dibukakeun. Kalacat, gék, uprak-oprék. Teu lila, gap kana stater. Gerung mobil hirup. Laju diputerkeun ka arah Subang deui. “Akang montir titahan Supir, Jang.” Cék manéhna bari ngasongkeun roko. Uing maut sabatang. Cekés disunut. Laju dialungkeun ka Jalan. Manéhna ngarérét ka uing bari nyéréngéh. Reg mobil eureun hareupeun warung. Katingali. Supir keur uplek ngobrol jeung pelayan. Ningali mobilna, Supir cengkat bari nyampeurkeun. “Geuning hirup.Cé. Nya alus wé, jadi bisa mulang ayeuna. Hampura nya rék ngabéjaan yén montir isuk datangna, hapé pulsana béak.” Gebeg. Rét. Dijero mobil. Euweuh sasaha.*

Kang Ismaya - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya