Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Uing

Minggu, 3 November 2013

"UING teu panuju. Ngacacang ukur panjang gagang. Taya pupurieunana," bari ngojéngkang. Medal sila.
"Sarua. Moal pipilueun uing gé. Nu matak ulah ukur pindah saré. Rék molor mah tuh di gogobrog!" ngagebrag méja. Matak reuwas. Laju pépérén.
"Sabar, dulur. Sakadar ngélingan. Teu hadé padegeng-degeng. Nyarios ulah tambuh. Ulah tamba gado ngagayot. Rawing ceuli uing. Punten, amit mundur." Léos muka panto. Kaluar.
Euweuh nu sahulueun. Kabéh ngaku uing. Ngumbar amarah. Nyebar pitenah. Tapi tuluy sumerah ku nu teu merenah. Sakadar miceun salasah, sieun aya nu ngadakwa.
Padahal uing mah angger nu uing. Ceuk uing. Teu rumasa nginjeumkeun. Moal rék digadékeun. Akad harita apan ukur akal-akalan. Paingan ceuk iklan bihari, "Mun geus diuk sok poho nangtung".*

Entjep Sunardhi - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya