Sastra & Humor
Fikmin
Nu Mindo Walimahan
Minggu, 3 November 2013
RAP, kaftan bodas mungkus awak nyamunikeun guligah nu rongkah. Dina eunteung, kalangkang katembong beueus. Marojéngja ningker rasa. "Naha yakin ieu nu rék dilakonan téh? Rék balikan deui? Pan geus euweuh rasa cinta ka manéhna saprak teu suda-suda ngakaya?" gerentes haté. Mun seug lain pameredih si bungsu, teu hayang ngahiji laki-rabi deui jeung manéhna. Bray, mukakeun panto kamar. Hamham marengan saban léngkah ka rohangan tengah. Katémbong geus ngumpul. Na'ib, manéhna jeung para saksi. Manéhna ngarérét. Sorot matana ngempur, beungeut beureum ngalangkang murka nu ngagegedur. Dua tanduk mucunghul tina sirahna. Nyéréngéh, sihung ranggéténg tuluy nyakakak, handaruan.*
Bunda Unie - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


