Dadasar Tresna Nu Moal Laas
PASAWAHAN cur-cor cai. Wanci pecat sawed. Nu gaduh ingkig ringgit, léngkah pérak keupatna patingkaretip, nganteuran. Anjog ka saung. Panyawah suwung. Hawar-hawar aya dangding nu ngagalindeng. Apal pisan soantenna.
“Duh Enéng geuning teu nyana/ geulis lir bulan purnama/ jadi buah ati Ana/ mideudeuh kabina-bina.” Patingsaléor katebak angin. Nu geulis, Nénéng Mintarsih lunga-lengo milarian puseur sora.
Ngagentraan. “Aaang... Musaaa! Di palih mana...?” Hariring tanpa jirim ngawaler.
“Mun teu émut kana kodar/ tinangtos Ana téh sasar/ Aduh Enéng/ masing ka sobar/ émutkeun nasib jeung kodar.”
Nu dipilari teu timu baé. Rumandeg. Nénéng Mintarsih ngagerentes halon, “Deudeuh teuing Aang. Isin Aang téh? Pédah Enéng jalmi beunghar? Padahal Enéng mah sanés rék mandang harta kakayaan. Mung hoyong gaduh carogé nu tiasa nyalametkeun dunya ahérat.”
Gap kana hapé. Nelpun. Ringtun kameumeutna, Wonderful tonight disada. Kapireng tukangeun. Enéng malik. Treup! “Aang..!” Bingah kacida. Pananganna ranggah miharep rangkulan. Ébat. “Éh acan kénging nya?” cenah semu ogo.*
Mulyana SA - kisuta.com


